Book
Salawe Sesebitan Hariring
Nu disebat sesebitan teh nya eta lamak laleutik paneukteukan, sesa nagguntingan. Teu aya araheunna, lintang ti merenah kanggo eusi wadah runtah. Paling-paling ku nu rajin mah sok rajeun tiasa keneh diruagl-rigel, sanaos leukleuk, disambung-sambung dihijikeun. Buku ieu oge eusina teu benten ti kitu, keur parondok teh teu aya araheunna, anu mawi dijudulan Salawe Sesebitan Hariring, seueurna dua puluh lima judul. Ampir satengahna nyarioskeun pangalaman pribadi dina hahaleuangan, da ongkoh apan anu panggampilna mah lintang nyarioskeun pangalaman sorangan. Aya sawatawis carios anu kantos dimuat dina buku Kuring jeung Tembang Sunda, sabada di rugal-rigel naghaja di muat deui dina ieu buku. Salah sawios pangaweruh penting dina ieu buku nyaeta urang bakal terang dialektika antawis istilah tembang Sunda sareng tembang Cianjuran. Salami ieu katinggalina aya kasapukan umum pikeun ngabenteunkeun tembang sareng kawih. Tembang sunda teh mangrupi hasil karya adiluhung anu janten puncak tina seni swara di tatar sunda.
Tidak tersedia versi lain